kumincir
2006-06-13 04:59:15 UTC
Jangkrik, famili Gryllidae, mangrupakeun serangga nu bisa disada, mirip
simeut jeung cihcir (ordo Orthoptera), tapi awakna rada depé sarta boga
anténeu panjang.
Deskripsi
Jangkrik kawentar ku sora stridulasina (ukur nu jalu), nu disada ku cara
ngagésékkeun jangjang atawa sukuna, sahingga sora nu kaluar téh béda pikeun
masing-masing spésiés. Aya dua tipeu sora jangkrik: sora panggero jeung sora
pangolo. Sora panggero anu tarik ditujukeun pikeun ngirut bikang sarta
ngusir jalu nu séjén, sedengkeun sora pangolo nu alon mah dipaké mun
bikangna geus deukeut. Jangkrik bikang boga organ paneundeun endog
(ovipositor) nu bentukna kawas jarum. Ciri fisik séjénna nu ngabédakeun
antara nu jalu jeung nu bikang, nyaéta ayana batik dina jangjang luar
jangkrik jalu (umumna), sedengkeun nu bikang mah ukur garis-garis nuturkeun
"tulang" jangjangna.
Sora 'krik-krikan' jangkrik téh gumantung ka spésiés jeung hawa
lingkunganana. Ilaharna, sora jangkrik bakal leuwih tarik mun hawa leuwih
panas (kira 60 'krik' per menit dina 13ºC). Hubungan antara hawa jeung
lobana 'krik-krikan' katelah salaku Hukum Dolbear.
Nu geus kanyahoan, di sakuliah dunya téh jangkrik kabagi kana kira 900
spésiés. Ngarah teu pahili jeung simeut, perlu diinget yén jangkrik mah liar
peuting, béda jeung simeut nu liar beurang.
Taun 1970, William H. Cade manggihan yén parasit laleur Tachinidae Ormia
ochracea ogé katarik ku sora jangkrik jalu, kalawan maksud pikeun melakkeun
anakna dina awak jangkrik jalu.
Di Asia, jangkrik sok dikukut, boh nuturkeun kapercayaan (utamana di Cina),
atawa ukur kalangenan. Di daérah judi, misalna Makau, jangkrik ogé sok
diadukeun.
Pikeun nu miara manuk, jangkrik ogé sok dikukut pikeun parab.
Taksonomi
Di Tatar Sunda, aya sababaraha spésiés jangkrik anu dipikawanoh, tapi
rujukan nu nyebutkeun klasifikasina can kapanggih:
* Jangkrik Kalung; warna awak & jangjangna hideung, aya polét warna emas
dina lebah puhu jangjangna (deukeut 'beuheung'na).
* Kuntring; dibédakeun ti jangkrik umumna tina sorana nu ngelentring
"tring tring tring...", warna awakna coklat.
* Bakecét; jangkrik leutik nu sok aya di jero imah, awakna hawuk/coklat
belang/tutul.
* Kasir; spésiés jangkrik nu kawilang badag (panjangna kira nepi ka 5
cm), awakna ampir hideung meles.
Baca ogé
* Gaang
* Cihcir
Sumber rujukan
* Cricket, Wikipédia édisi basa Inggris (13 Juni 2006)
Tumbu kaluar
* Intro on house crickets
* How to Raise your Own Crickets
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Jangkrik"
Kategori: Sato ingon | Serangga
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
kumincir.multiply.com
blog.boleh.com/kumincir
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Everything you need is one�click away.� Make Yahoo! your home page�now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/9VOolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]