Discussion:
Carpon - Cawéné Nyingsat
Ki Hasan
2012-04-05 06:53:59 UTC
Permalink
Carpon - Cawéné Nyingsat
Ku Rohendi Pandeglang

Allohuma umur dunya, salamet berekah Alloh, naga hérang naga lengggang naga
pangawasa Alloh, turun ti perbu, ditampa ku perdawati, disanggap ku guru
Ingra
 Dédéngéeun jasa sora Abah mun seug nyapunkeun, deuk ngarapak
ngaseuk usim ngahuma. Sakabéh dulur jeung tatangga béh barat, timur jeung
kiduleun, caringogo burieun Abah nu mancuh kanu parukuyan. Sabudeureun
parukuyan Abah, ningker sasaratan nu ngabayak, sarupaning bubur bodas,
bubur beureum, cikopi pait, cikopi manis, binih, paré indung, tamiang,
tiwu, cikur, panglay, jaringao jeung teuing nanahaon deui, ja tara pati
engeuh kanu kararitu téh.

Haseup ngebul kaluhur, minuhan langit Cibaliung, paamprok jeung haseup
lianna, anu doangna mah sarua papada tinu keur mitembeyan. Ngagerenggeng
sawara Abah, nu isok ditémbalan kunu ngariung. Kapeung nyebut “nyaksian”,
kapeung ngahaminan Abah anu beuki mendeko baé silana, diamparan daun cau
salambar.

Di antara sadudulur, doangna kula anu pangdeugeulna téh. Ja kula mah tilok
ilu mendeko doang maranéhna. Teuing kumaha boa étah?, kanu karitutéh, teu
pati percaya kula mah. Ceuk pangrasa, teu makéan nu kararitu géh, paré mah
moal burung jaradi baé, ja taneuh Cibaliung mah sakieu suburna, ceuk guru i
pé és di sakola géh. Tapi, sadeugeul deugeulna kula, teu kituan amat, tetep
baé ka huma mah kula géh ilu indit. Ngan mun geus Abah mimiti ngelunkeun
haseup di pabinihan, kula tilok iiluan ngariung burieun Abah, isok ngadon
ngahénén wéh di saung cawéné nyingsat, tempat Abah nyaung-nyaung mun geus
mimiti usim ngahuma.

Pernah éta géh Abah nalék kula, “Pan dia mah tilok aya burieun jing, mun
Abah keur nyapunkeun?” ceuk Abah nanya. “Laju saha nu bakal nyapunkeun
jaga, mun Abah geus euweuh?” Abah serieus jasa. Kula tilok ngajawab, ukur
ngahéhéh baé, aleman. Abah tara kateterusan tatanyana, doang nu
ngaleusteuinkeun teu dijawab géh. Doangna mah teu hayang kateterusan
cacahan kebel-kebel jeung kula, anakna nu rada deugeul.

Pangadatan kula éta, sabalikna jeung Si Bungsu, Kai Sarkim adi kula. Si éta
mah kacida nurutna kana Abah, Ema, jeung papatah kokolotan di Malang Nengah
Cibaliung, lembur kula. Unggal jampé, jangjawokan, rajah, nyapunkeun, jeung
papatah kolot séjénna, doangna geus katalar ku si éta mah. Matak ampir
salembur, harémaneun jasa ka adi kula éta. Pajar, Si Sarkim mah budak nu
bageur, pinter, nurut kana papatah kolot, jeung lian-lianna. Ampir sakur
pamuji tumplek kabéh keur si éta.

Teu geura baé, leusteuin, kula tara ngarasa kalindih ku adi sorangan,
samalah haren baé nu aya, ja dulur sorangan ieuh.

Jagisuk geus tepung deui jeung mangsana ngabaladah ngahuma. Doangna
mitembeyan kwarimah rada husus. Eta baé kupédah Abah jeung dulur-dulur,
haliwu jasa nyanghareupanana. Saung Cawéné Nyingsatna Abah di huma, geus
saminggu diberesihan, dibeneran, malah dipapaés bélékétépé sagala, dina
buri jeung gigireunna kwarimah, “Pang éndah” cénah. Calung Rénténg nu
ngagantung dina para saung, anu biasana tilok dijajal heulan, kwarimah
dibawa ka imah sagala. Unggal soré, ditabeuhan, “Pang sawarana
ngageureuleung, laju bakal betaheun Sang Hyang Sri na” ceuk Abah yakin jasa.

Geus puguhan sasaratan nyapunkeun mah, adi kula kacida pakupisna
ngumpulkeun sakur nu biasa diayakeun dina nyapunkeun. Nu geus ngumpul, laju
hiji-hiji dibéjakeun ka Abah. Atuh Abah, doang komandan anu mariksa
kalengkepan prajuritna, neuleuan sakur sarat anu dikumpulkeun ku Ki Adi.

Ema jeung étéh, haliwu di dapur ti isuk kénéh, saksak siksik, kurat
keureut, kulab kulub, bubay bubuy, puas pais. Teuing deuk ngajieun jeung
ngasakan nanahaon, ja kebel jasa, taya anggeusna.

Tolombong jeung bakul eusi binih petingan, ngagunduk pipireun leuit, geus
tinggal jung manggul ka humakeun. Abah mah meuni geus lengo deui lengo deui
noongan, doang nu sieun laleungitan.

Beuki sareupna, nu haliwu lain anggeusan, malahan kalah ngarosaan. Ema
bulak balik ka dapur, ka jero imah, ka imah étéh, ka dapur étéh barateun
imah. Kitu jeung kitu baé, teu anggeus-anggeus. Abah jojong di pipir,
nyieunan aseuk. Ngan ki adi nu teu kadeuleu téh, teuing kamana tah si
éta, ti bada asar kénéh, teu neuleu paciweuhna di sakurilingeun imah.

Ari kula mah, sakumaha biasa, jojong baé, nyangsaya di juru ambén hareup.
Abah, Ema, ki adi, étéh, teu maliré, teu naritah, malah teu ngajak-ngajak
acan, barang pasosoré, taram mangsana nyatu balakécrakan di ambén hareup
étéh. Tilok pundung kula mah, nyampeurkeun baé, laju habek baé ilu nyatu
babarengan.

Peuting beuki jempling, simpé lain bobodoan. Kabéh geus ngarampih. Ka Eméd
anu biasa isok pangtungtungna asup ka imah, di sabudeureun tatangga kula,
ogé geus ngampih. Tandaning geus peuting jasa ieu wanci téh. Sora Jangkrik
jeung Caricangkas wéh nu jelas sawarana téh. Kalan-kalan kadéngé Anjing
babaung ti kajauhan, nambahan waasna peuting jeung puringkakna bulu
punduk.

Sakumaha biasa, kula mah ngaringkuk di juru ambén hareup imah baé. Teu ieuh
ngarasa disapirakeun ku kolot, ja saprak ki adi lahir, émang teu kabagéan
tempat saré di jero imah Ngaringkuk di ambén hareup géh karasa haneut jasa.
Komo kacida harenna, mun kapeung isok di dongéngan ku Abah jeung Ema,
méméh ngarampih.

Bulan teu kadeuleu saemét-emét acan, béntang nu biasa baranang, lapur,
anggeus wéh, teu kadeuleu samata-mata acan, teuing kamarana. Doangna mah
jagisuk rék hujan. Tina liang sarung nu méléngéh saeutik, kadeuleu Abah
kukulintingan gigireun leuit. Panasaran, laju nguniang, nyampeurkeun ka
Abah. “Kadeuleuna mah dia tadi geus tibra jalu?” Abah meupeuskeun
jemplingna peuting, najan bari halon jasa. “Ari Abah nanaéunan kénéh dina
leuit?” kula malik nanya, teu maliré pananya Abah. “Kadoang aya nu blag
blig bleg ngurilingan leuit, sugan téh dia jing?” Abah kalem jasa, cacak
mendakan sawara nu sakitu ahéngna, ceuk kula mah. Puringkak, bulu punduk
ngadadak ngagurijag, pasang kuda-kuda dina luhureun taktak.

Kula ngadeukeutan Abah. “Bagor
 horeng Si Monyong teu bisa arasup ka leuit,
jadi ngadon sing kuriling wéh na jorongan wungkul. Meunggeus ah, kumanéh
teu kudu inggis, ja lain nanaeun geuningan jalu!” Abah ngupahan, doang nu
apal kula inggis jeung sieun. Ised, kula mundur ngajauhan deui Abah, isin
kupédah kasieun kula, karasaeun Abah. “Oh kitu nyah?” kula maksakeun
nyawara. “Jig saré deui, jagisuk bantuan Abah mawaan binih ka huma” Abah
miceun rasa kasieun kula. “Heug géh!”, kula ngoloyong deui ka ambén hareup,
bari sabenerna mah rada kabayang kénéh, blag blig blegna sawara, ceuk
cacahan Abah tadi. Sing sameledin teu percaya, kana katerangan Abah nu
bieu, majar téh si monyong nu teu bisa arasup ka leuit.

Kongkorongok si jago dina tangkal jambu aér, gigireun ambén hareup,
ngaburisatkeun lalakon impian kula. Gurijag hudang, kadéngé Ema keur
cacahan jeung étéh di dapur, doangna bari kaprak keprek ngasakan sagala
rupa kadaharan, bawaeun ka huma. Ari Ema iraha saréna?, ceuk haté. Panya
téh Ema wungkul nu geus hudang, horéng Abah mah geus singkil, gigirireun
leuit. Tolombong jeung bakul geus nyampak di émpér pipir, kari jung. Ti
tungtung buri leuit tepi ka tungtung hareup imah, ngajajar rapih bawaeun
aya kana sapuluh sikina.

Najan bari haté rada can méréan, lalanjung jasa, maksakeun kula hudang,
laju ka buri, ka sumur, nimba, sibeungeut, malah kagol sakalian kula
siwuwung. Sarung ditalikeun kana cangkéng. Ceuk pikir, bérés muuhan liang
aseuk, deuk ngagolér dina saung cawéné nyingsat, méakeun parat kapanasaran.

Langit wétaneun Malang Nengah mimiti ruhay, doangna panon poé geus deuk
taram ngapung kana luhureun Cibaliung. Bray, bray, beuki lila beuki caang,
tina kelemeng kana ngabrak. Curuk mimiti kadeuleu, bulu bitis
saeutik-saeutik ngabéntésan, tandaning wanci peuting deuk anggeusan,
kaganti taramna beurang. Kami geus ngalabring sabawana sabawana, ngaleut
saurang-saurang, mapay jalan satapak ngajugjug huma kami, nu kira-kira
salawé rébu léngkah ti buruan imah.

Sabari leumpang, garalécok cacahan duaan duaan. Doangna ngan kula nu teu
nyawara téh. Hareupeun, étéh cacahan jeung Ema. Burieun, ka Eméd jeung ka
Arnasa. Kulamah jojong baé manggul boboko kéjo, pangbagéan gawé ti Abah
téh.

“Allohuma umur dunya, salamet berekah Alloh, naga herang, naga lénggang,
naga pangawasa Alloh. Turun ti perebu, di tampa ku perdawati, disanggap ku
guru ingra. Kami lain sri sasiki dua siki, saranggeuy dua ranggeuy, réalna
saratus, lobana sarébu, gunung manik gedong rasa, sanghiyang gunung
kancana. Leuit mani teu ngadanti kagungan Gusti 
”, Abah ngarandeg ngarajah
Lutung Kasarungna, laju malikeun paneuleuna ka buri, melong hiji hiji sakur
nu ngahaminan. Kadeuleu beungeut Abah kadoang sedih.

“Seureuh leuweung mawa reuneuh, anakan méméh lakian, rincik rincik ringkak
ringkak. Nyi beuti manis, nyi akar kawat, nyi buah Emas ranggeuyan”.
Nongtoréng jasa sawara Abah, padahal teu ceuceuleuweungan.

”Jalu, sarat kurang hiji. Abah jadi teu kebat nyapunkeun!” aya sawara
meupeuskeun lamunan kula. Horéng Abah geus ngabedega dina jorongan cawéné
nyingsat. Kula gideug “Kai Sarkim meureun bah!” témbal kula sabolong
béntor, mantékkeun panyangka ka Si Bungsu.

Laju paneuleu kula lumpat ngurilingan huma, jojongor, leuweung tutupan,
samalah tepi kana pila di peuntaseun jojongor Gadog. Kojéngkang, kula
hudang, karék sadar, mun Si Bungsu euweuh di huma, titadi kénéh teu
kadeuleu. Abah géh doangna karék engeuh. Luak lieuk, panon Abah ngucing
buringas, nganjing tulangeun, doang haranga nyiar tegékkeun. Barijeung
keukeuh, Si Bungsu teu kapendak aya di huma. Saréréa jadi haliwu,
ngalalakonkeun euweuhna Si Bungsu, dina poéan ngaseuk.

Wanci panon poé lempengan émpér cawéné nyingsat, “Dut
Tak
Dung Dang
Dut!”,
ti béh barat, kadéngé sawara nu geus papada wawuh. Abah reureuh, diuk
leuseuh dina ambén cawéné nyingsat, paneuleuna ngepung jojongor Gadog, nu
di peuntaseunnana aya pila, tempat datangna éta sawara. Kula nyampeurkeun
Abah, “Dangdutanna, éndah jasa nya bah?, komo sulingna, ngagelik ngagelik
wéh, kelaaar jasa. Laju, sawara sulingna doang nu nyunda téa étamah, nya
bah?!” kula mudalkeun pangrasa, pikeun ngahibur Abah.

Nu di ajak ngobrol ngarénghap jero jasa, “Enya, Si Bungsu nu nyulingna, éta
téh jalu. Kamari soré bébéja ka Abah. Matak
 euweuh tamiangan dina
pangsaratan nyapunkeun tadi téh” ceuk Abah balaka. Dina sorot paneuleu
Abah, aya haren, aya reueus, tapi kabuktianana, Abah kalahka tungkul ngotok
muyung, miceun beungeut kana kolong cawéné nyingsat. Doangna isineun ku
kula, ku huma, ku tamiang, ku angin, nu nganteurkeun sawara suling Si
Bungsu, kana ceuli nu keur ngaraseuk, kana binih nu henteu ditamiangan,
kana calung rénténg nu isok disulingan ku Si Bungsu.

Bagooor
! orok kameumeut Abah jeung Ema, kareueus dulur sa-Malang Nengah,
nu giak gasik kanu panitah kolot téa, horéng papiuh masinikeun karesepna
kana cawéné nu nyaringsat nyah
?!, beuh
 nyulingan nu génjléh.

Mun kitu, doangna nu peuting blag blig bleg, ceuk cacahan Abah dina
jempling téh, sawara Si Bungsu cék son, meureun nyah?... haté nyoh-nyoh
teu eureun-eureun, mupuas kanyataan. Beuh
 aya kituna Kai Sarkim, adi kula
nu nurut kana papatah kolot téh.

Sapopoé, Ayu Ting Ting jeung suling Si Bungsu “Kai Sarkim”, anak Abah
Kalimi, kokolot lembur tukang nyapunkeun, kakalayangan tumpak angin Malang
Nengah. Laju, blas blus kana ceuli, kana haté, kana rasa dulur salembur.
Mudal, bedah jadi haliwu, nyoh-nyoh nu ngaraseuk di huma Cibaliung.

Moal kitu kupédah di tengah huma aya cawéné nyingsat mah?. Lajunamah geura
baé burung


Ciwasiat, 5 Januari 2012


Katerangan Dialék Sunda Banten :
Aleman = pupujieun
Ambén hareup = tepas
Bagor = bangor siah!
Barat = kulon
Buri = tukang
Cawéné = parawan
Cawéné nyingsat = ngaran modél wawangunan (saung)
Deugeul = bangor
Doang = jiga
Éndah = ngeunah / hade
Génjléh = jeté/jalingkak
Haliwu = rame / rebut
Haranga = lapar
Haren = atoh
Heman = nyaah
Isok = osok
Ja = nya (paneges)
Jagisuk = isukan
Jasa = pisan
Jing = sih
Jojongor = pasir
Jojong = jongjon
Jorongan = panyawéran
Kebel = lila
Kotok = hayam
Kwari = ayeuna
Lalanjung = lalieur
Laju = terus
Leusteuin = los teuing
Manték = nénggor / malédog
Naeun = naon
Ngarapak = ngamimitian
Nyawara = nyora/ngomong
Nyoh-nyoh = rényom / galécok
Orok = sebutan ka lalaki
Siwuwung = kuramas / maseuhan buuk
Sing Sameledin = sumpahan
Taram = mimiti
Tegékeun = dahareun
Tilok = teu pernah
Usim = usum

Carita Pondok: Rohendi Pandeglang
Dimuat dina Mangle No. 2358 Edisi 25 Januari - 1 Februari 2012

Loading...