Ki Hasan
2012-03-18 05:41:11 UTC
Guyon Kulonan - Si Suanah Balik Ti Kota
Ku YK
Mawa koper tas jingjingan kardus urut Sarimi nu eusina pinuh ku oleh-oleh.
Can deui kantong keresek, beuh bae ribug babawaanna. Ja libur natal jeung
tahun baruan. Buukna di beureuman siga artis. Bajuna tengtop calana
bulujin. Biwir ipis na make lipen satip nu beureum na hurung ti jauh geus
katempo ambucuy. Halis meunang ngerok ngajepat siga nyere, bulu mata
kadoang bulu mata sarini. Sendal jungkung lancip 9 inci.
Manteb pisan siga nyonya nu di kota. Padahal mah di batawina geh, jadi
tukang ngaberesihan caloset di mol. Tapi lagana sacayut burut. Beak bae
sakampung menes mah. Ngadenge si suanah balik si sakim gancang lumpat bari
tipoporose make samping jeung kopeah nu geus belel ja kukakebelan teu
kaganti.
"Anaaaaaaaaaaahhh iyeu akang anah bebene nyaneh." Suanah malik ja reuwas
tea aya nu ngagorowok gegeroan.
Suanah: "Siapa yah saya kagak kenal kamu deh?"
Sakim: "Anah iyeu Akang Anah, Sakim piraku poho ja memeh ka kota mah nyaneh
ku akang unggal peuting di kekeceuk bae di kebon ka sapri. Piraku poho
anah."
Suanah: "Helloooo liat aku dong. Ini Ana bukan Suanah. Sori yah kagak
level. Bari rada lumpat ja sieun ka si Sakim."
Bari jungjat-jingjeut ja sendalna jungkung teuing babawaan ribug. Mata make
kontak len warna biru siga meong. Si Sakim ngudag lempang dina galengan
sawah. Si Suanah nambah keubat lumpatna. Kulantaran galengan becek sendal
jungkung suanah nanceb, gabrug ngaguling kana sawah anu karak menang
ngawuluku, atuh cacamut beungeut Suanah pinuh ku leutak. Si Sakim anu tadi
kasinggung ku si Suanah lain nulungan kalah kah nga-gkgkgk nempo Suanah
berubah jadi bebegig sawah. Karasa ku ene lebok tah ku nyaneh Suanah. Si
Suanah gogorowokan teu di denge ku si Sakim.
Sakim: "Sori yah kagak level jeung kebo keur guyang dina leutak." Teu geura
ae bari ngangkat samping na di sangsangkeun kana taktak si sakim nonggengan
si Suanah. Preeeet suanah milugah jadi ana mpreeet. Pajuh ku sia Suanah.
Loba keneh bikang nu hade, mending urang lembur batan ka maneh mah beungeut
geus pinuh ku nu palsu. Halis palsu, bulu mata palsu, kana mata geh palsu.
Hadoooh aing araringgis nyium na geh beungeutna ges beureum kitu bisi
kapanasan leeh hehehehe.