Aduhh biung! Mudah-mudahan Pak Rahman leres nya (hatur nuhun pisan ya!) padahal punten pangpikahelas ka abdi nu basa Sundana masih keneh sakitu gorengna.
Abdi tos opat taun diajar basa Sunda tapi masih keneh tiasa sakedik komo kalawan kagok wae. Wiwitan sareng maos pesen-pesen di milis-milis Sunda ku kamus Sunda. Upami kapendak kecap nu teu diuningakeun ku abdi, dipilarian hiji-hiji paculcilan lajeng diserat dina databasa sareng konteksna (hiji dua kalimah). Contona, babasan "tunyu tanya" nu anyar kangge abdi ditambah dina database sareng kalimahna (hiji deui he..he..he..). Ayeuna, eusina eta database langkung ti 10 000 kecap. Abdi sok disindiran ku garwa kulantaran basa abdi teh dicarioskeun "basa kamus".Sial atuh, pangleresna ya ...he...he...he.
Abdi tos mindeng ka Indonesia : kasempetan kahiji taun 1989. Ti harita malik unggal taun kulantaran nagara Indonesia nu pangendahna sadunya. Ngurilingan Sumatera, Jawa, Bali jeung Sulawesi tapi rerencangan nu pangsakulah-sakulihna teh jalmi-jalmi di kampung Botok (caket babasir Carita di Jawa Kulon). Pamuduk Botok puguh wae tiasaeun basa Sunda (sanaos kasar) tapi salami eta abdi mung tiasa basa Indonesia wungkul. Saleresna mungaran wae. Teu aya tujuan naon-naon iwal ti kahoyong abdi diajar enggal-enggalan basa indung rerencangan abdi nu sakitu bageurna di lembur Botok.
Tilu taun nu kalangkung, Abdi patepang sareng pibojoeun di Kusnet. Teu lami ti harita, salami satengah taun, urang silih patukeur imel saban dinten lajeng ngawitan ngomong-ngomong di Messenger (salawasna dina basa Sunda). Teras abdi dongkap ka Sukabumi (di Karang tengah) sangkan mendak sareng pibojoeun sakulawargi. Sanaos sesah kusabab logat sakulawargi mitoha abdi sataker kebek teh abdi neraskeun nyunda...Teras taun nu salajengna abdi mujur migarwa nu panggeulisna di Karang Tengah he..he..he... Taun salajengna deui, garwa abdi ngababarkeun di Jakarta : si widadari alit teh namina Selena. Sabot linggih di Sukabumi, taun eta basa bojo abdi bobot, aya jalma ti Cisaat nu dongkap ka rorompok (di Salabintana) saban dinten kangge ngawuruk tatabasa Sunda. Ayeuna urang sadayana linggih di Kanada, di salah sahiji propinsi disebut Québec (di palih kulon), di kota Montreal. Masarakat Indonesia didieu kinten-kinten lima ratus jalmi, kaasup kinten-kinten dua tilu puluh jalmi nu tiasaeun basa Sunda. Padamelan abdi teh guru kangge panterjamah (Perancis-Inggris). Bade malik ka taneuh Pasundan usum halodo payun, sasih juli. Samentawis abdi bade maos pesen-pesen di milis, kapeung-kapeung ngawaleran tapi garwa abdi, nu mahir undak-usuk basa Sunda, ngalereskeun kasalahan abdi nu seueur teuing. Neda dihapunten upami kalamian nya tapi mudah-mudahan tos kawaleran kalawan puas patarosan Kang Rahman he..he..he..
Kang Rahman ayeuna linggihna di NL mah tapi kawitna timana? Iraha jeung kunaon ngantunkeun lemah caina? Tos rimbitan di NL?
P.S.Abdi resepeun pisan kana pandangan jeung pamikiran Kang Rahman di milis nu salalawasna moderat pisan. Mani dihargaan. Kaaos sakabehna ku Kang Denis sangkan dijantenkeun langkung bageur engke.
----- Original Message -----
From: Rahman
To: ***@yahoogroups.com
Sent: Saturday, February 11, 2006 3:42 PM
Subject: [Baraya_Sunda] Kanggo Kang Denis di CA
Haturan Kang Denis,
Punten ah rek tunyu tanya yeuh Kang. Eta... Kang Denis tos lami diajar basa Sunda teh? Sareng diajar ti saha deuih? Cik ah pangdongengkeun.
Kuduna mah urang Sunda pituin sing era tah nya ku Kang Denis. Basa Sunda na hade. Sok sedih ngabandunganana, loba urang Sunda pituin mani teu bisa nulis sakalimat2 acan dina basa Sunda. :(
Linggih di paling mana di Kanada na Kang? Sareng deui sok sering angkat ka Pasundan tara?
Baktos,
Rahman, Wassenaar/NL
---------------------------------
Yahoo! Mail
Use Photomail to share photos without annoying attachments.
[Non-text portions of this message have been removed]
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
SPONSORED LINKS Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn
Indonesian language course
------------------------------------------------------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
a.. Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
b.. To unsubscribe from this group, send an email to:
Baraya_Sunda-***@yahoogroups.com
c.. Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
------------------------------------------------------------------------------
[Non-text portions of this message have been removed]
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]