Waluya
2006-04-24 06:03:43 UTC
Pa Peno, aranna teh, sigana mah tina Sumpeno. Kuring papanggih jeung
manehna teh kakara dua kali. Papanggih mimiti 10 taun katukang. Harita teh
kuring boga pagawean di Anyer Banten ti pausahaan konsultan teknik di
Jakarta. Waktu kuring manggihan pagawe eta pausahaan teh, eta pagawe teh
umurna geus satengah tuwuh. Kacida sopanna, rengkah-rengkuh, jeung lamun
nunjuk teh tara ku curuk, tapi ku jempol. Tadina mah kuring nyarita teh ku
Bahasa Indonesia we, da puguh aranna Peno. Ngan waktu manehna nanyakeun
asal kuring, manehna langsung nyarita ku Basa Sunda. Basa Sunda lemes
pisan. Kuring olohok, jadi kararagok. Tapi harita teu kapapanjangan
ngobrol jeung Pa Peno teh, ukur urusan pagawean wae, kuringna gura-giru
kudu balik deui ka Bandung.
Peuting tadi, kuring ngetest sumur bor keur kaperluan fondasi apartemen di
hiji lokasi di Jakarta. Waktu anjog ka lokasi nu kudu dipariksa geus rek
maghrib, nu ngabageakeun teh aki-aki, make topi laken, bari mamawa map, nu
eusina sagala catetan pagawean manehna. awakna geus rada bongkok, jeung
leumpangna rada pincang., Bari rengkuh jeung leungeunna nunjuk make jempol
ka tempat mesin bor nu keur operasi, "Pa, wilujeng sumping, patepang deui
jeung abdi, Peno. Itu sumur borna teu acan reres, bapa atosan we sajam dua
jam deui"
Kuring nyidik-nyidik, da geus teu apal deui, maklum geus lila pisan. Tapi
ningali rengkah-rengkuhna jeung cara nunjukna, kuring yakin yen ieu teh Pa
Peno. Ayeuna mah geus kolot pisan geuning. Jero hate, teungteuingan Pa B,
kolega kuring nu boga pausahaan konsultan, naha nu geus kolot kieu, masih
didamelkeun di lapangan.
"Oh ieu teh Pa Peno, nu papendak kapungkur di Anyer nya!", ceuk kuring teh
bari nyodorkeun leungeun, ngajak sasalaman. Manehna mani rengkuh pisan,
waktu sasalaman jeung kuring. Mani kagok sasalaman teh, teu biasa ku
rengkah-rengkuhna jeung ongkoh manehna teh umurna jauh saluhureun kuring.
"Wios atuh Pa, keun ku abdi diantosan we, da geus tebih-tebih ti Bandung".
Ceuk kuring teh. Na ari keur kitu teh breg hujan. Kuring jeung Pa Peno,
ngiuhan dina imah nu geus dibongkar sabeulah. Pa Peno jeung anak buahna,
nyieun durukan, terus mubuy hui.
"Hui Cilembu ieu teh Pa?", kuring nanya.
"Sanes, Pa, ah pepelakan didieu we, dirabutan, maklum ieu taneuh teh
taneuh kosong, jadi sok aya nu marelakan", ceuk manehna teh bari neuteup
gedong-gedong nu ngajaraul kalaluhur , saolah-olah ngabanding-banding
bubuy hui jeung kadaharan nu aya di gedong-gedong nu marakbak ku lampu.
"Abdi mah urang Bandung Pa, pun biang ti Lembang, pun bapa ti Yogya", ceuk
manehna teh bari ngasur-ngasur seuneu, "Taun 1961 abdi ninggalkeun
Bandung, didamel di Jakarta. Ayeuna mah abdi jarang ka Bandung atanapi ka
Lembang, parantos teu araya. Waas lah abdi mah ka Bandung sareng ka
Lembang"
"Oh, manawi teh Pa Peno teh kawit ti Jawa, paingan atuh ari ti Bandung
mah, basa Sundana lemes pisan", ceuk kuring teh, "Kapungkur di Bandung
linggih dimana?"
"Di Gempol kulon", ceuk manehna teh. "Abdi mah kaget Pa, naha Bandung teh
janten kitu. Basa Sundana benten jaman abdi nuju budak. Sopan santunna oge
benten."
"Benten kumaha Pa?"
"Benten we, dina tatacara sopan santun sareng dina nyarios oge. Abdi mah
ku sepuh diajarkeun", ceuk manehna teh.
"Ah panginten ku jaman Pa Peno", ceuk kuring teh bari neuteup ka manehna,
beungeutna katingali geus kariput, buukna nu pinuh ku huis.
"Sumuhun ku jaman, abdi mah parantos kolot, Manehna nyarita bari
ngepruk-ngepruk hui nu geus asak. "Abdi teh kedahna parantos pangsiun, da
yuswa parantos 68 taun. Sataun kapengker keuna ku stroke. Ngan ku
pausahaan teu kenging liren"
"Ih.... atuh keuna ku stroke mah, bahaya Pa, mangkaning apan Pa Peno mah,
jalmi lapangan, sanes urang kantoran", ceuk kuring teh.
"Sumuhun ari kitu na mah, ngan da resep keneh di lapangan", Pa Peno
nembalan, bari ngahuapkeun hui.
Teu karasa hujan geus raat, kuring saparakanca langsung digawe. Teu karasa
waktu anggeus geus jam satu peuting. Waktu rek balik, kuring nanya ka Pa
Peno,
"Ari bumi di mana?, bade mulih ayeuna?"
"Di Klender Pa, sumuhun bade wangsul ayeuna"
"Nganggo naon atuh ti dieu, pan ayeuna teh tengah wengi"
"Papah sakedik ka payun, sugan aya keneh mobil omprengan"
"Ngiring we ka abdi, da abdi bade langsung ka Bandung. Pa Peno lungsur di
Cawang. Didinya mah parantos caket"
Manehna unggeuk, terus ngilu kana mobil kuring. Di Cawang manehna turun.
Kuring oge turun heula, ngajak sasalaman, bari sasalaman, manehna nyarita,
"Dikantun linggih, Pa!"
Dikantun linggih? .....kuring kakara ngadenge eta kecap. Rada heran,
hayang tatanya tadina mah, ngan Pa Peno geus ngungkug ngajauhan. Kuring
neuteup tepi ka manehna tepi ka teu kaciri deui, aya rasa hanjakal, naha
kuring henteu nganteurkeun wae ka imahna.......
WALUYA
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]